Posts

Showing posts from April, 2010

pangajaran 4

PENGAJARAN 4 STANDAR KOMPETẾNSI Mampu ngémbréhkeun eusi pikiran, rarasaan, jeung kahayang dina rupa-rupa wangun tinulis mangrupa tarjamahan atawa aksara Sunda, surat, jeung biografi. KOMPETẾNSI DASAR Nulis Biografi INDIKATOR 1. Bisa milih tokoh kalawan kritéria anu pas. 2. Bisa nétélakeun pentingna éta tokoh nu ditulis. 3. Bisa nyaritakeun riwayat hirup tokoh kalawan puguh éntép-seureuhna. 4. Bisa nyaritakeun préstasi atawa kaunggulan jasa/karya tokoh. A. Harti Biografi Biografi nyaéta pedaran nu ngalalakonkeun kahirupan saurang tokoh. Nu nulisna pihak séjén. Lian ti éta aya deui istilah otobiografi, nyaéta lalakon hirup nu ditepikeun ku soranganana. Conto Biografi : Alit Djajasoebrata, Tetep Nyunda Di Walanda Teu terang keur anomna. Nu sidik, basa nyebatkeun yén yuswana geus liwat tujuh puluh, asa teu percaya. Jagjag waringkas, malah deukeut-deukeut kana buringas. Atuh dedeg pangadeg, babakuna keur ukuran pangeusi wewengkon Éropah, moal boa kasebut camperenik.