pangajaran 4
PENGAJARAN 4
STANDAR KOMPETẾNSI
Mampu ngémbréhkeun eusi pikiran, rarasaan, jeung kahayang dina rupa-rupa wangun tinulis mangrupa tarjamahan atawa aksara Sunda, surat, jeung biografi.
KOMPETẾNSI DASAR
Nulis Biografi
INDIKATOR
1. Bisa milih tokoh kalawan kritéria anu pas.
2. Bisa nétélakeun pentingna éta tokoh nu ditulis.
3. Bisa nyaritakeun riwayat hirup tokoh kalawan puguh éntép-seureuhna.
4. Bisa nyaritakeun préstasi atawa kaunggulan jasa/karya tokoh.
A. Harti Biografi
Biografi nyaéta pedaran nu ngalalakonkeun kahirupan saurang tokoh. Nu nulisna pihak séjén. Lian ti éta aya deui istilah otobiografi, nyaéta lalakon hirup nu ditepikeun ku soranganana.
Conto Biografi :
Alit Djajasoebrata, Tetep Nyunda Di Walanda
Teu terang keur anomna. Nu sidik, basa nyebatkeun yén yuswana geus liwat tujuh puluh, asa teu percaya. Jagjag waringkas, malah deukeut-deukeut kana buringas. Atuh dedeg pangadeg, babakuna keur ukuran pangeusi wewengkon Éropah, moal boa kasebut camperenik. Jero pikir, luyu jeung jenenganana: Alit.
Aneke, cenah, tadina mah. Tayohna, Alit téh nénéhna. Bungsu ongkoh tu dua sadulur. Rakana ogé, Tineke, saterusna mah sok disebat Ageung baé. Atuh dina urusan dines lengkepna téh Alit Djajasoebrata.
Ari “Djajasoebrata” cenah ngala ka jenengan éyangna ti pihak ibu. “Pun aki téh turunan Mataram nu nikah ka urang Sunda,” cék Alit basa can lila diajak ngobrol di Dén Haag, Walanda. Kasebut urang Bandung, Alit téh. Lahirna gé di R.S. St. Borromeus, Minggu, 7 April 1935. Ramana Bientje Roep, anggota Volksraad Nederlandsch-Indie ti 1918 dugi ka 1942, nu ngirng ngadegkeun Politiek Economische Bond taun 1919. Ari ibuna Kustinah, urang Régol, Bandung. Rakana, Ageung, jagana nikah ka Sabana Kartasasmita.
Nu matak kayungyun, najan ti umur 14 taun ninggalkeun Indonésia, terus nganjrek di Walanda, tapi tetep jadi warga nagara Indonésia tepi ka taun 1985. Nu matak kayungyun téh deuih, Alit mah teu leungiteun basa Sunda. Nyarios Sundana tetep lancer. Atuh katineungna ka Sunda tétéla karasa.
Geura waé, can lila Alit narjamahkeun sajak Sunda “Janté Arkidam”, “Bendara Ikin”, katut “Tanah Sunda” karangan Ajip Rosidi kana basa Walanda. Téks wangkongan Ajip jeung nu nulis dina basa Sunda ditarjamahkeun kana basa Inggris deuih, terus dijieun subtitle film dokuméntér ngeunaan kahirupan katut karya Ajip garapan Jos Janssen saparakanca.
Sawatara bagian tina éta film dokuméntér dipidangkeun dina Féstival Sastra Internasional Winternachten, di Dén Haag, 10-14 Januari anu kaliwat. Dina éta féstival taunan téa. Alit milu gunem catur jeung Ajip tina perkara basa Sunda katut dékolonisasi deuih.
Keur alitna Alit sareng rakana sok diwurukan basa Sunda ku guru privat nu ku ramana ngahaja dihiap ka bumina. Tayohna, éta salah sahiji dasar kamampuh Alit tiasa nyarios Sunda kalawan lancar nepi ka kiwari.
Dina jaman Jepang Alit sareng Ageung ngiring ka ninina, Djamainten, di Bandung. Waktu Bandung jadi lautan api, Alit ngiring ngungsi ka Banjaran, deukuet Bandung. Ti dinya ngungsi deui ka Ciwidéy, terus ka Mangunreja, sup ka pagunungan tepi ka lembur nu ngarana téh Banjaran deuih. Ma’lum jaman ngungsi, puguh sakolana gé pipindahan. Leuwih ti tujuh sakola dasar nu kungsi jadi tempat Alit diajar.
Harita, basa Perang Dunya II di Indonésia mimiti der, ramana dibérok ku pamaréntah Jepang lantaran dianggap bagian tina pamaréntahan Walanda. Tepang deui sareng ramana téh nya sabada Jepang éléh perang, tur ramana bébas ti pangbérokan.
Kungsi ramana ngalih damel ka Makasar, tur ngiring nyusun rarancang undang-undang dasar nagara Indonésia Wétan. Atuh Alit gé ngiring ka ditu. Sakolana harita di Concordante HBS, sabangsa sakola nu pangajaranana sarua jeung nu di Walanda. Batur sakelasna ti antarana Baharudin Jusuf “Rudi” Habibie nu jagana jad Presidén Indonésia. Aya kana dua taunna di Makasar téh, ti 1946 tepi ka pertengahan 1948.
Ti Makasar ngalih deui ka Bandung. Teu lila ti harita, dina bulan Désémber 1949, Alit ku sepuhna diajak ngalih ka Walanda. Nya ti harita Alit ngajrek di Walanda téh.
Di Walanda Alit diajar di Murmellius Gymnasium di kota Alkamaar. Sabada tamat sakola di dinya, neruskeun sakola ka Gemeentelijke Universiteit van Amsterdam (UVA). Mimiti diajar ngulik hokum tepi ka 1957, terus neuleuman sosiologi katut antropologi budaya.
Sabada tamat sakola teu wudu Alit kénging damel nu pantes, nyaéta jadi kurator Indonésia di Museum voor Land-en Volkenkunde (terus salin ngarang jadi Museum voor Volkenkunde atawa Museum for Ethnology dina taun 1980-an, méméh jadi Wereldmuseum kira taun 1995) di Rotterdam.
Kaitung lila Alit cepeng damel di dinya téh. Saumur hirup Alit mah teu incah balilahan ti musium. Atuh da kénging damel di musium téh keur Alit mah kasempatan luar biasa pikeun maca jeung mariksa sagala nu patali jeung budaya Indonésia. Kalayan jejem Alit ngotéktak kandaga budaya boh nu nyampak di perpustakaan boh nu nyampak di gudang-gudang barang musium di Walanda, malah sakapeung mah ngoléntakna téh tepi ka musium di nagara séjénna di Éropah.
Berekah, salila ngokolakeun musium téh Alit nyusun sababaraha buku nu patali jeung kabeungharan seni atawa budaya Indonésia, boh dina basa Walanda boh dina basa Inggris. Nu medal dina basa Prancis gé aya deuih. Buku karanganana téh antarana Batik op Java (1973), Bloemen van Het Heelal: De Kleurrijke Wereld van de Textiel op Java (1984). Shadow Theatre in Java: the puppets, Performance and Repertoire (1999), katut Textiles of Java nu tepi ka ieu tulisan disusun can diumumkeun.
Dina bukuna nu anyar ngenaan tékstil, Alit antarana nétélakeun yén tékstil Sunda katut kalungguhanana dina dunya material katut dunya filosofis Sunda téh pohara nenggangna. Mémang, ayeuna mah éta kapunjul téh kari sajarahna baé. Nu sidik, sajarahna pohara narikna. Taun 1995 Alit nyusun eksposisi nu judulna “ Indonésia Merdéka”. Lian ti kitu, taun éta kénéh, Alit gé ngayakeun paméran lukisan cat minyak karya pelukis Indonésia tina koléksi Toety Hératy di Jakarta.
Kiwari, sapopoéna Alit tetep giat, upamana baé ngalukis sobatna atawa barayana. Aya kalana deuih Alit ngolah bakatna nu patali jeung kasundaan, upamana baé ngahaleuangkeun lalaguan Sunda. Sababaraha lalaguanana, antarazna hasil musikalisasi puisi, dirékam kana kasét, minangka dokuméntasi baé. Kalan-kalan Alit gé sok nganjang ka Bandung, tempat lahirna téa.
Méméh paturay, Alit ngasongkeun éséy karanganana: “Weaving Myth of Sunda (Nu Ninun dina Dongéng Sunda)”. Tétéla, lain baé tetep nyunda, tapi bias milu nerangkeun kasundaan deuih kalwan ambahan nu pohara jembarna. (Hawé Setiawan dina Cupumanik.com, 28 Februari 2007)
B. Unsur-unsur Biografi
Pedaran diluhur kagolong kana biografi sabab nu nyartakeunana pihak lain. Di jerona aya sababaraha informasi nu ditepikeunana, nyaéta dedeg pangadek (kondsi fisik), ngaran, kasang tukang kahirupan keur leutk, kasang tukang kaluarga, riwayat pendidikan, karir sarta kaparigelan jeung karya-karyana.
Leuwih jéntréna, kadalapan unsur éta dipedar dihandap ieu.
1. Dedeg pangadeg
Jagjag waringkas, malah deukeut-deukeut kana buringas. Atuh dedeg pangadeg, babakuna keur ukuran pangeusi wewengkon Éropah, moal boa kasebut camperenik. Jero pikir, luyu jeung jenenganana: Alit.
2. Pasualan ngaran

3. Kahirupan keur leutik

4. Kasang tukang kaluarga
Lahirna gé di R.S. St. Borromeus, Minggu, 7 April 1935. Ramana Bientje Roep, anggota Volksraad Nederlandsch-Indie ti 1918 dugi ka 1942, nu ngirng ngadegkeun Politiek Economische Bond taun 1919. Ari ibuna Kustinah, urang Régol, Bandung. Rakana, Ageung, jagana nikah ka Sabana Kartasasmita.
5. Riwayat pendidikan

6. Karir
Alit kénging damel nu pantes, nyaéta jadi kurator Indonésia di Museum voor Land-en Volkenkunde (terus salin ngarang jadi Museum voor Volkenkunde atawa Museum for Ethnology dina taun 1980-an, méméh jadi Wereldmuseum kira taun 1995) di Rotterdam.
7. Kaparigelan
Sapopoéna Alit tetep giat, upamana baé ngalukis sobatna atawa barayana. Aya kalana deuih Alit ngolah bakatna nu patali jeung kasundaan, upamana baé ngahaleuangkeun lalaguan Sunda. Sababaraha lalaguanana, antarazna hasil musikalisasi puisi, dirékam kana kasét, minangka dokuméntasi baé. Kalan-kalan Alit gé sok nganjang ka Bandung, tempat lahirna téa.
8. Karya-karyana
Salila ngokolakeun musium téh Alit nyusun sababaraha buku nu patali jeung kabeungharan seni atawa budaya Indonésia, boh dina basa Walanda boh dina basa Inggris. Nu medal dina basa Prancis gé aya deuih. Buku karanganana téh antarana Batik op Java (1973), Bloemen van Het Heelal: De Kleurrijke Wereld van de Textiel op Java (1984). Shadow Theatre in Java: the puppets, Performance and Repertoire (1999), katut Textiles of Java nu tepi ka ieu tulisan disusun can diumumkeun.
C.Dua Wangun Biografi
Conto di luhur kaasup biografi nu dilalakonkeun (narasi). Eusina ngawengku :
1. Dedeg pangadeg,
2. Ngaran tokoh,
3. Kahirupan keur leutik,
4. Kasang tukang kaluarga,
5. Riwayat pendidikan
6. Karir,
7. Kaparigelan, jeung
8. Hasil karya.
Lian ti éta, biografi bisa ditepikeun ku mangrupa formulir. Eusina diwincik hiji-hiji, sacara langsung disebutkeun datana. Pedaran data pribadi samodél kieu ilaharna disebut biodata. Dijieunana pikeun kaerluan nu sipatna praktis, saperti ngalamar pagawéan, pangajuan KTP, muka rékening di bank, pendaftaran siswa baru, nohonan sarat-sarat dina pasanggiri, jeung sajabina.
Biodata ngawengku katerangan saperti:
1) Nagaran lengkep,
2) Jenis kelamin
3) Status marital,
4) Agama,
5) Ngaran kolot,
6) Alamat,
7) Nomer telepon/email,
8) Riwayat pendidikan,
9) Pengalaman berorganisasi,
10) Pengalaman kerja,
11) Pengalaman widang penelitian,
12) Karya-karya
13) Penghargaan-penghargaan.
Henteu sakabéh keterangan di luhur kudu aya dina hiji biodata. Katerangan-katerangan éta diluyukeun jeung kaperluanana. Katerangan pikeun nohonan sarat-sarat pasanggiri, béda jeung katerangan pikeun ngalamar pagawéan atawa pangajuan KTP.
D. Laporan Lalampahan
Laporan lalampahan mangrupakeun salah sahiji wanda tulisan nu nyaritakeun kaayaan jeung kajadian nu kaalaman dina hiji lalampahan. Nurutkeun eusina, aya sababaraha rupa laporan lalampahan, diantarana :
1. Ngalalana,
2. Lalampahan wisata/hiburan,
3. Lalampahan kadinesan,
4. Anjang-anjang kaduduluran, atawa
5. Pangalaman anéh, langka, pikaseurieun.
Titénan conto di handap ieu.
Dina hiji mangsa aya iber, yén di poseur dayeuh Sukabumi rék aya kariaan. Keur acara salametan hiji took gedé (ayeuna mah disebutna Super Mall meureun!) digelar acara wayang golék. Ari anu jadi dalangna nyaéta Asep Sunandar Sunarya, dalang anu keur nanjung apan!
Méméh magrib barudak geus badami. Kabéh satuju, ngajugjug ka poseur dayeuh keur lalajo wayang téh arék dilaksanakeun sabada isa, sanggeus ngaji di masigit gedé. Atuh teu kudu nungguan dititah deui, sanggeus ngaji téh rob barudak ngumpul, terus langsung indit ka poseur dayeuh anu jauhna téh kurang leuwih lima kilometer. Leumpang ka dayeuhna téh lumayan méakeun tanaga da puguh harta can aya motor, komo angkot mah.
Anggeusna wayang kirang-kira wanci janari leutik. Brul anu lalajo marulang ka imahna séwang-séwangan. Sapanjang jalan uplek loba anu dicaritakeun. Nepi lembur geus réang sora anu tarhiman di masigit.
Panon mah cepelna mani nataku. Teu kuat ku tunduh, dug … guheurr wé saré barang nepi ka imah téh. Antukna hudang subuh kabeurangan.
Waktu ngaji magrib, paneunggeul neureud kana bitis, dteunggeul ku Mualim Jaka. Kabéh budak anu lalajo wayang, teu milu ngaji subuh. Salian ti éta, kuring mah meunang bonus tambahan, disintreuk ku aki nepi ka beureumna. Panas asa disundutan.
1. Maham Eusi Laporan Lalampahan
Bacaan di luhur nyaritakeun lalampahan lalajo wayang. Jejer éta lalampahan disebutkeun sacara jéntré dina paragrap kadua. Utamana mah dina kalimah ieu, Kabéh satuju, ngajugjug ka poseur dayeuh keur lalajo wayang téh arék dilaksanakeun sabada isa, sanggeus ngaji di masigit gedé. Anapon paragrap séjénna nepikeun prosésna, nepi ka balikna deui ogé akibat-akibat nu kaalaman sanggeusna: diteunggeul ku Mualaim Jaka jeung disintreuk ku aki.
Lamun dtengetan deui, eusi hiji laporan lalampahan ilaharna ngawengku bagéan-bagéan saperti:
a) Kasang tukang jeung tujuan lalampahan,
b) Tempat jeung waktuna,
c) Prosés atawa tahapanana,
d) Hasil atawa balukar-balukarna.
2. Nyindekeun Hiji Lalampahan
Kacindekan hartina ringkesna atawa péndékna tina hiji bacaan, laporan, atawa babadamian. Hiji kacindekan dijieun dumasar kana poko-poko nu aya dina unggal paragrapna. Ku sabab kitu, saméméh nyieun kacindekan, urang kudu nangtukeun poko-poko nu aya dina paragrap-paragrap éta laporan.
Sabagé conto, titénan deui laporan lalampahan di luhur. Tina éta laporan, urang bisa nangtukeun poko-pokona saperti di handap.
Paragrap Poko
1 Di puseur dayeuh Sukabumi, digelar acara wayang golék.
2 Ngajugjug éta patepatan bada isa.
3 Anggeus lalajo dina janari leutik.
4 Kurang saré, subuh kabeurangan.
5 Meunang hukuman ti Mualim Jaka jeung aki.
Geus bisa nangtukeun poko-pokona mah, eusi éta laporan téh leuwih gampang dicindekeunana.
Di puseur dayeuh Sukabumi, digelar acara wayang golék. Kuring sabatur-batur ngajugjug éta patepatan bada isa. Anggeus lalajo téh wanci janari leutk. Tangtuna mata macida tunduhna sabab kurang saré. Nu antukna subuh ogé kabeurangan. Lian ti éta kuring meunang hukuman ti Mualim Jaka jeung aki.
3. Nyaritakeun Lalampahan
Lalampahan kadang-kadang ditepikeun dina wangun tulisan, saperti pikeun ngalengkepan surat lamaran atawa dina ngalengkepan kaangotaan perpustakaan. Lalampahan hirup (biodata) kadang-kadang mah ditepikeunna téh ku cara lisan. Biodata ditepikeun sacra lisan waktu jadi panelis atawa narasumber dina diskusi. Boh ditepikeun sacara tinulis atawa lisan, eusina teu jauh béda.
Lalampahan dina harti memoir nyaéta wangun tulisan nu ngajojoan hal anu pentingna wungkul dina pangalaman hirup urang. Misalna, dina mangsa keur Lebaran, paturay tineung jeung babaturan sakola, nganjang ka nu dulur di lembur. Sifat éta tulisan bisa nu mangrupa pikabungaheun, pikasediheun, pikaseurieun, jeung sajaba ti éta.
Prak-prakanana nulis lalakon hirup nyaéta saperti di handap ieu.
1. Nyatet poko-poko lalampahan
Ingetan deui lalampahan nu karandapan ku hidep, utamana nu pararentingna. Tuluy catet kalawan jelas tur rinci. Foto, kasét rékaman, catetan harian, jeung dokuméntasi-dokuméntasi séjénna bisa ngabantu hidep dina ieu tahapan.
2. Nyusun gurat badag
Susun deui catetan hidep nurutkeun pola nu tangtu. Misalna waé sacara,
a. Kronologis (susunan waktu),
b. Spasial (susunan karohangan),
c. Kausalitas (sebab-akibat),
d. Komparasi (perbandingan),
e. Definisi.
3. Ngembangkeun gurat badag éta jadi laporan anu lengkep, saperti merhatikeun kasang tukang, tujuan, tempat/waktu, tahapan, jeung hasil-hasilna.
4. Niténan deui laporan (review)
Baca deui laporan nu ku urang disusun téa, boh eusi atawa basana, bisi aya nu nyaliwang. Gunakeun kamus atawa buku éjahan, utamana keur mariksa kekecapan atawa larapan aksara jeung tanda bacana.
sumber : http://www.kurniawan2009.multiply.com

Comments
Post a Comment